Tuesday, May 1, 2018

lirik anjeun jawa barat
Informasi lirik, makna, arti dan sejarah lagu daerah Anjeun, salah satu lagu daerah yang berasal dari provinsi Jawa Barat.

Informasi Lagu Anjeun

Judul : Anjeun
Pencipta :
Daerah : Jawa Barat
Golongan : lagu daerah / lagu wajib daerah

Lirik Lagu Anjeun

Teu aya deui, nu mika cinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mika melang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya,
pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria,
anu jangji satia ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan …
Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut…Ngan jeung anjeun
Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus kaditu kadieu.

Sumber :
http://www.lagudaerah.xyz/anjeun/

Leave a Reply

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

- Copyright © Alresky Blog - Blogger Templates - Powered by Blogger - Designed by Johanes Djogan -